Lakon Wayang Golek
Kanggo ka sadaya kadang wargi anu mikacinta ka budaya sunda, diantawisna Seni Wayang Golek, simkuring nyanggakeun ieu Lakon-lakon Wayang Golek dina wujud MP3. Mudah-mudahan sing janten motivasi kanggo ka urang khususna para nonoman nu aya di tatar sunda, supados tiasa ngajenan, ngamumule, tur ngaronjatkeun budayana.
Asa ku lebar pisan budaya urang (sunda) nu sakitu beunghar tur luhung ajenna dimomorekeun ku urang nu pituin sunda. Ulah dugikeun ka "Jati Kasilih Ku Junti" (Budaya urang kasilih / kalibas ku budaya deungeun).
Tahap awalmah urang diajar mikaresep heula ka seni budayana, diantawisna dihandap ieu simkuring parantos nga-posting file-file MP3 lakon wayang golek. Salian ti hiburan wayang golek teh mangrupi hiji jalan kanggo urang mulungan elmu agama, da numutkeun sajarahna waktos jaman Sunan Kalijaga, mantena tiasa nyebarkeun agama islam kalayan lancar tur gampil ditarima ku umat, salah sawios jalana nyaeta ku Seni Wayang.
Mudah-mudahan sing seueur pulungeunana kanggo urang, kalayan manfaat dilarapkeun dina kahirupan, nu dipalar salamet urang di dunya tur akheratna. Amin.
Perhatosan!!!
Postingan ieu mung saukur preview, galeuh kaset aslina! Sangkan seniman-seniman sunda tetep eksis tur sumanget dina kreasina.
(Punten Pa Asep, sanes bade cumantaka sumawona ngabajak hak cipta, niat simkuring hoyong ngiring ngamajengkeun budaya sunda)
Bandung Bandawasa Nitis :
Jaka Gintiri (Semar Rarabi)
Narayana Ngalalana
Astrajingga Gugat
Pandawa Tuntas Nyamur
Bangbang Wiramanik
Arimbi Ngadeg Ratu
Dawala Diistrenan
Budak Buncir
Gatotkaca Krama
Palagan Di Maliawan
Prabu Gondayitma
Gatotkaca Mangkat Birahi
Sanghyang Bima Pawitra
Somantri Ngenger
Rahwana Pejah
Bima Mungkus
Sanghyang Jaya Lengkara
Bima Lodra (Giri Harja 2)
Dewa Permana Sidik (Tangkal Rahayu Ningrat)
Dorna Gering (Dewa Debat 2)
Kopas mangga...., mugia tiasa nyantumkeun sumberna !
*) Kanggo PASSWORD kintun wae pesen ka alamat facebook simkuring





















link wayang golek na di mediafire we supados gampil tur enggal ngunduhna :) hatur nuhun sateuacana
BalasHapusHarur nuhun tos dipostingkeunn ieu waygol, jadi nambahan koleksi, upami dina kaset mah pasti kasetna bulukan, sae di mp3 keun. mudah-mudahan pa asep ngawidian. Pami tiasa mah langkung seuer deui mp3 wayoglna ti bapa dalang Ade kosasih, pa Dede Amung sareng ti p Cecep Supriadi.
BalasHapusKang, abdi ngadamel mp3 wayang golek tina kaset pita, hasil awon pisan, cing pasihan solusi kedah kumaha ngubah audio pita kaset supados janten mp3 anu sae, diantos waleran nana
BalasHapusSoftwarena converterna nganggo naon kang? sareng deuih nu jelasmah perangkat audio inputna oge kedah nu sae
BalasHapusAudacity, tapi hasilna awon pisan, abdi teh gaduh koleksi wayang golek hoyong diubah janten mp3, maklum kaset sok bulukan, sugan ari tos janten mp3 mah tiasa di CD keun, atawa di simpen di komputer
BalasHapusAbdi mah nganggo cool edit, hasilna lumayan. Pami tiasamah teras diedit, supados noise-na ical.
BalasHapusleres nuhun atuh kang, salam pangwanoh ti urang garut
BalasHapushatur nuhun kang ade wayang na katampi pisan, ulah kapok munculkeun deui nu enggal, nu teu aya di blog nu sanes
BalasHapushebat lah nambihan deui koleksi
BalasHapuscara ngeditna kumaha yi, wartosan
BalasHapusBiasanamah nganggo menu effect, teras pilih noise reduction, pilih hiss reduction. Kanggo tingkatan reductionna kantun nyurupkeun, bade nganggo anu standard/mid/light, gumantung ka intensitas/taraf desis hasil rekaman kasetna.
BalasHapuskang ade, abdi tepn kana hp kang ade teu diangkat, no hp abdi nu nomor terakhirna 84, abdi bade naroskeun sekitar ngubah kaset ka mp3 anu sae, nuhun
BalasHapuspami aya lalakon bambang panca netra sareng partakrma, nuhun
BalasHapusalus kang
BalasHapusizin nyedot
BalasHapusMas, lebih bijak jika mp3 wayang golek itu tidak dimunculkan, jika ingin dimunculkan cukup sampel saja, karena di luar sana banyak yang membajak untuk diperjualbelikan, kasihan yang punya hak ciptanya, bukan berarti mendukung tetapi malah sebaliknya. Terima kasih jika hanya kaper dan salah satu contoh mp3 nya, jangan semuanya. Jadi maaf arsif yang ada di 4shared nya diamankan saja sebagai koleksi pribadi, sekali lagi maaf-maaf dan maaf. Demi kebaikan dan kelestarian budaya kita dari pembajak.
BalasHapusasik ngiring nyedot nya kang ..
BalasHapusNuhun pa ade, akh bade nyedot deui
BalasHapusMuhun sami2 pa ..........
BalasHapuskoleksi kang deon leres-leres "original" da teu aya di blog sanes... :) pa asep mugia ngawidian, nun!
BalasHapusnepangkeun salam pangwaanoh ti urang soreang! manawi kagungan carios sang hyang talaga pancoran. Hatur nuhun
BalasHapushaturnuhun kang,
BalasHapusabdi mah hoyong nu hasil rekaman ah... nu sok di puter dinten rebo malem kemis
BalasHapussupados suara alit ka kuping sepertos kecrek dalang, naon pa anu kedah di edit dina cool edit kanggo mp3 wayang golek, wartosan pa
BalasHapuskang nyuhunkeun bantosana. punten pisan, hoyong di kintun paswordna. ka : syanghiang_tunggal@yahoo.com
BalasHapushaturnuhun sateuacana...
BalasHapuskang abdi hoyong pasword na tiasa punten hoyong dikintun ka abah.amung@live.com
BalasHapusnuhun
kang punten nyuhunkeun paswordna ka "ikiru42@yahoo.co" hatur nuhun
BalasHapushatur nuhun katampi pisan pidangan MP3 wayang golek na, mugi sing janten berkah ka sadayana... komo upami aya video na, tangtos langkung anteb... hatur nuhun
BalasHapuspassword na kang nuhunkeun di share wios dikintun dianpramana18@gmail.com. Nuhun ah kang.
BalasHapuspassword na kang nyuhunkeun di share wios dikintun ndhitzyazid@yahoo.co.id. Nuhun ah kang
BalasHapuskang dupi hoyong password na kumahanya kang...
BalasHapusmun tiasa mah share keun ka fb abdi mun teu tiasa mh bales pesan abdi...
ieu alamat fb abdi brean_jhon@yahoo.com..
nuhun nya kang...
Komentar ini telah dihapus oleh penulis.
BalasHapuskang passwordna nyuhunkeun ka putrasantana@ymail.com ,.,.,
BalasHapushatur nuhun satacan na.,.,.
izinnn...download mang....tiasa nyuhunkeun passwodnya....wios ka email simkuring ekoamalyah@yahoo.co.id
BalasHapuskang punten nuhunkeun passwordna kirim ka email abdi atoy.kastara@yahoo.com
BalasHapushaturnuhun sateuacana.
kang nyuhunkeun paswordna ka email abdi ceparya@gmail.com, hatur nuhun mangga urang jagi sami-sami budaya sunda... amin
BalasHapusmeni pelit make di password sagala atuh....
BalasHapusKang Deon Pancen Oye !!
BalasHapus